Minggu, 11 November 2012

Ngusep



NGUSEP


Sawatara jalma sok nyebutkeun ngusep teh pagawean pangedulan, boh ngusep di walungan atawa ditempat khusus panguseupan, alesanana kesel cenah ningalina oge., cinutnut ti isuk neupi ka sore, leheng mun bebenangan. 

Komo lamun ngusep na di tempat pangusepan mah, disebutna oge jelema lieur ceuk nu teu resep ngusep mah, da cenah meuli lauk terus dilepaskeun deui ka kulah, tuluy diusepan deui, padahal mah geus we ari meuli lauk mah tong kudu diusepan deui, bawa we balik ka imah… hehehe.

Tapi dasarna pangaresep teu bisa diulah ulah, ari geus nyekel jejer sabari nagog di kulah poho we kana sagala rupa mah komo mun geus ningali kukumul lup lep, mani deungdeueleeun, sapoe dua poe mah, hese mopohokeunana…. Hehehe


Kaalaman ku kuring, kana ngusep teh mimiti namah teu pati resep, ngan harita taun 2005 basa kuring kapapancenan jadi pengurus PPK, harita teh keur masana Pemilu Bupati jeung Wakil Bupati Sukabumi, nya kabeneran ketuana yaeta Kang Tutang, resep pisan kana ngusep teh. Lamun dina bahasa keren namah tos kelebet Pakarna dina widang nguseup mah.. hehehe.
Nya ku anjeuna sok di ajak-ajak ngusep teh, mimitinamah ukur nyobaan we, landong stress, tong mikiran wae pagawean sakali kali mah refreshing cenah mah.

Ti harita sanggeus nyobaan sakali, lamun aya pembagian honor PPK teh sok rutin ngajak ngusep, tapi tara ulubiung atawa nyampur jeung batur, khusus we ieu mah sasama pengurus, aya 8 urang atawa 10 urang na sok miluan teh, ngumpulkeun duit jang meuli lauk jeung sewa kulahna.  Ari tukang kulah mah lamun aya grup PPK teh kalintang atohna da lumayan sakali melak teh sok tara tanggung tanggung paling seeutik 50 kg kadang lewih, bisa sakwintal lamun aya nu nyoro ti grup lain mah.  Lumayan jang tukang ngusep mah da tara beunang kabeh eta teh, kadang 5 nepika 10 kilo mah sok dilapurkeun da kaburu burit manten, nyaeta sok dituluykeun ku batur nu biasa ngusep didinya kadang kadang nepi ka peutingna.
Ari balik ngusep teh sok diboro2, da tiap ngusep teu welah meunang kadang 4 atawa 6 kg mah sok menang, dina teu menangna oge sok rajen narkoba ( sanes narkotika ieu mah, tapi narik koja batur ), alias mentaan ti batur nu menang loba, tapi ari bebeja ka indung budak mah meunang ngusep sorangan … hehehe.

Ngan hadena ari kuring mah, hobi ngusep teh lamun keur aya kagiatan Pemilu da osok kapapancenan jadi pengurus PPK…. Musiman Hehehe, biasa we sabulan sakali lamun turun honor PPK, itung2 duit panggih, kitu ge ngan sabulan sakali tara nepi ka tiap minggu.

Sakali mangsa pernah kacilakaan, teu pira rek nampanan epan ari pek teh kalah nyemplung ka kulah, rarasaan kulah teh deet, langsung we anrub ka kulah da make calana sontog, teu inget na pesak aya handpone  karek meuli, atuh, jadi kabasehan  melaan epan nu hargana ngan 5000 perak, jadi kudu ngagantian HP… hehehe nasib  nasib ieu mah… .. cag.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar