NGUSEP
Sawatara
jalma sok nyebutkeun ngusep teh pagawean pangedulan, boh ngusep di walungan
atawa ditempat khusus panguseupan, alesanana kesel cenah ningalina oge.,
cinutnut ti isuk neupi ka sore, leheng mun bebenangan.
Komo
lamun ngusep na di tempat pangusepan mah, disebutna oge jelema lieur ceuk nu
teu resep ngusep mah, da cenah meuli lauk terus dilepaskeun deui ka kulah, tuluy
diusepan deui, padahal mah geus we ari meuli lauk mah tong kudu diusepan deui,
bawa we balik ka imah… hehehe.
Tapi
dasarna pangaresep teu bisa diulah ulah, ari geus nyekel jejer sabari nagog di
kulah poho we kana sagala rupa mah komo mun geus ningali kukumul lup lep, mani
deungdeueleeun, sapoe dua poe mah, hese mopohokeunana…. Hehehe
Kaalaman
ku kuring, kana ngusep teh mimiti namah teu pati resep, ngan harita taun 2005
basa kuring kapapancenan jadi pengurus PPK, harita teh keur masana Pemilu
Bupati jeung Wakil Bupati Sukabumi, nya kabeneran ketuana yaeta Kang Tutang,
resep pisan kana ngusep teh. Lamun dina bahasa keren namah tos kelebet Pakarna
dina widang nguseup mah.. hehehe.
Nya
ku anjeuna sok di ajak-ajak ngusep teh, mimitinamah ukur nyobaan we, landong stress,
tong mikiran wae pagawean sakali kali mah refreshing cenah mah.
Ti
harita sanggeus nyobaan sakali, lamun aya pembagian honor PPK teh sok rutin
ngajak ngusep, tapi tara ulubiung atawa nyampur jeung batur, khusus we ieu mah
sasama pengurus, aya 8 urang atawa 10 urang na sok miluan teh, ngumpulkeun duit
jang meuli lauk jeung sewa kulahna. Ari
tukang kulah mah lamun aya grup PPK teh kalintang atohna da lumayan sakali melak
teh sok tara tanggung tanggung paling seeutik 50 kg kadang lewih, bisa
sakwintal lamun aya nu nyoro ti grup lain mah.
Lumayan jang tukang ngusep mah da tara beunang kabeh eta teh, kadang 5 nepika
10 kilo mah sok dilapurkeun da kaburu burit manten, nyaeta sok dituluykeun ku
batur nu biasa ngusep didinya kadang kadang nepi ka peutingna.
Ari
balik ngusep teh sok diboro2, da tiap ngusep teu welah meunang kadang 4 atawa 6
kg mah sok menang, dina teu menangna oge sok rajen narkoba ( sanes narkotika ieu mah, tapi narik koja batur ), alias mentaan ti batur nu menang loba, tapi ari
bebeja ka indung budak mah meunang ngusep sorangan … hehehe.
Ngan
hadena ari kuring mah, hobi ngusep teh lamun keur aya kagiatan Pemilu da osok
kapapancenan jadi pengurus PPK…. Musiman Hehehe, biasa we sabulan sakali lamun
turun honor PPK, itung2 duit panggih, kitu ge ngan sabulan sakali tara nepi ka
tiap minggu.
Sakali
mangsa pernah kacilakaan, teu pira rek nampanan epan ari pek teh kalah
nyemplung ka kulah, rarasaan kulah teh deet, langsung we anrub ka kulah da make
calana sontog, teu inget na pesak aya handpone karek meuli, atuh, jadi kabasehan melaan epan nu hargana ngan 5000 perak, jadi
kudu ngagantian HP… hehehe nasib nasib ieu
mah… .. cag.